Contoh Surat Dalam Bahasa Sunda

Berkirim surat dengan teman adalah hal yang sangat lumrah dan perlu dilakukan untuk tetap menjaga tali silaturrahmi dengan teman kita. Bagi kita yang tinggal di Bandung dan selalu menggunakan bahasa Sunda dalam percakapan sehari - hari, biasanya kita juga akan merasa lebih akrab bila kita berkirim surat kepada teman kita dengan menggunakan bahasa Sunda.

Berikut ini adalah contoh surat dalam bahasa Sunda:

Kangge rerencangan abdi:
Ani Sulistyowati
Di Bandung

Assalamu'alaikum..
kumaha kabarna diditu Ani? muga muga sehat wae nya. Alhamdulillah abdi di SEmarang sehat oge sareng teu aya kakirangan nanaon.

kumaha kuliahna, lancar kan? Tangtos bingahnya tiasa lebet ka sakolaan atau perguruan Tinggi nudipikahoyong. Muga muga sagala rupina lancar dugi ka lulus engke. sanaos abdi mung lebetka sakolaan tinggi swasta di Semarang ieu, tapi abdi mah tetep bingah pisan kumargi tiasa lebet ka jurusan anu dipikahoyong ku abdi. Kamari ospekna rame pisan. abdi dipiwarang nyandak sagala rupi jajanan pasar nu akhirnamah diemam babarengan sareng senior. Pami di Bandung, anjeun OSPEK-na dipiwarang nyandak naon wae?? Peyeum? hehehe.

Oh iya, kamari abdi ditelpon ku a yudha , saurna angkatan urang teu acan aya nu daptar ka kulawarga alumni SMUN 1 Bandung..hihihi...abdi malih teu acan terang pami aya ikatan kulawarga alumni. Anjeun bade daptar moal Ani? daptar sareng abdi yuuk..saurna sih kangge data pami hiji poe engke aya uleman reuni.

Eh, anjeun ngiringan ektrakulikuler naon? didieumah pilihanna rupa rupa . Mimiti ti Pecinta Alam, koperasi mahasiswa, lembaga penelitian, jeng nusejenna. Masih bingung bade ngiringan nu mana. anjeun janteun teu ngadaptar kangge pengurus Badan Eksekutif Mahasiswa (BEM)? hiks, didieumah mahasiswa anyar teu acan tiasa janten pengurus BEM, paling tiasa mahasiswa semester III nu wios janten pengurus. Tapi memang pengurus BEM-na kararasepsih. Janten seueur mahasiswa anu paheula-heula supados tiasa leubet kangge janten pengurus BEM.

Wah janten panjang caritana. Oh enya, pami ngabales serat ieu punten dialamatkeunna ka kampus abdi wae. abdi aya rencana ngalih tempat kost sasih payun. engke pami atos ngalih ka kostan anu enggal pasti abdi masihan wartos alamatna.
mugia diditu aya dina kasaean sareng kasalametan..jagi diri sareng jagi kasehatan..sukses wae nya..

Wassalamu'alaikum..

Fitri


Video belajar bahasa Sunda


source

Artikel Terkait


Category Article

What's on Your Mind...